Kamis, 29 Desember 2011

Asmarandana

Eling-eling masing eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu ka tempuhan

Jisim nu ngarasa nyeri
Raga nu ngarasa lara
Hate nu ngarasa cape
haredang nyandag wiwirang
Purawa perbawa hawa
Ujub sumaah takabur
Ria ku panggoda Setan

Ulah sirik ku pangampih
Ulah nyacad kanu lian
Deungeun piken eunteung baik
nulian pikeun tuladan
Hade goreng kasawang
Ukur ka tangtung sakujur
Sasaran ka badan urang

0 komentar:

Posting Komentar